:

1 Tesalonika 3

1

Tungtungna mah kasono teh teu kaampeuh. Tuluy badami. Putusna, keun sim kuring mah di Atena sorangan,

2

ari Timoteus, batur ngemban pancen ti Allah ngamashurkeun Injil Kasalametan hal Kristus, rek diutus ka aranjeun, pikeun ngareugreugkeun hate aranjeun sangkan mantep percaya ka Kristus,

3

ulah nepi ka ingkar lantaran teu kuat dikaniaya. Aranjeun terang, eta panganiayaan teh jadi bagian tina pangersa Allah ka urang.

4

Yen urang bakal dikaniaya teh ti samemehna keneh ku sim kuring geus diomongkeun ka aranjeun bareto waktu sim kuring keur di dieu keneh. Ayeuna enya kajadian.

5

Eta sababna nu matak sim kuring maksakeun ngutus Timoteus. Ku sabab sim kuring geus teu tahan hayang terang kaayaan kapercayaan aranjeun, Timoteus tuluy diutus, bari ngarep-ngarep mugia aranjeun ulah nepi ka eleh ku Iblis, ulah nepi ka beubeunangan sim kuring digawe teh gaplah.

6

Ayeuna Timoteus geus datang deui, mawa beja anu ngagenahkeun hate hal kapercayaan jeung kanyaah aranjeun. Jeung ceuk anjeunna aranjeun teu kendat mikatineung ka sim kuring, harayang papanggih deui sakumaha halna sim kuring ka aranjeun.

7

Sanajan keur balangsak oge ngadenge kaayaan aranjeun kitu mah mani reugreug, dulur-dulur! Eta kapengkuhan kapercayaan aranjeun teh kacida nyegerkeunana kana hate sim kuring.

8

Enyaan asa hirup ngadenge aranjeun pengkuh ka Gusti teh.

9

Sim kuring kacida nganuhunkeunana ka Allah urang ku hal aranjeun, muji sukur ka Mantenna anu geus maparin kabungah ku hal aranjeun.

10

Sim kuring neneda beurang peuting, mugi-mugi Mantenna marengkeun sim kuring bisa papanggih deui jeung aranjeun, malar bisa ngagedekeun sumanget kapercayaan aranjeun.

11

Mugi-mugi Allah Rama urang jeung Yesus Gusti urang maparin jalan nepi ka urang bisa papanggih deui.

12

Jeung disuhunkeun ka Mantenna, mugi aranjeun sing leuwih silih pikanyaah pada batur, jeung nyaah ka unggal jalma, saperti gedena kanyaah sim kuring ka aranjeun.

13

Lamun kitu, aranjeun bakal meunang kakuatan ti Mantenna, datang ka jadi sampurna jeung suci di payuneun Allah Rama urang engke, ari Yesus Gusti urang geus sumping diiring ku sakabeh umat kagungana-Na.

Link: